Pages - Menu

Wednesday, October 31, 2012

Kakarén Carpon Lebaran


KEUR reureuh di hotél, dua bulan katukang, basa manéhna aya nu nélépon téh. Harita di Hotél "Tibra" keur aya seminar "Prospék Budaya Lokal" nu diiluan ku guru-guru jeung panitén budaya. Ku panitia manéhna dipentés jadi panyatur.

Angkeuhan téh rék gégéléhéan heula, bari ngadagoan waktuna seminar. Kasebutna panyatur ti luar kota bari remen dipaké di mana-mana, ku panitia téh éstuning dipupujuhkeun. Dipangmesenkeun hotél gé nepi ka sapoé-sapeuting, padahal seminarna mah ukur satengah poé.
Rék ngagolédag pisan, hapéna disada. Télépon ti nomer anyar, can kacatet dina buku télépon hapé. Jempolna geus rék mencét "no"-da manéhna mah tara narima télépon ti nomer nu teu dipikawanoh. Tapi manéhna ujug-ujug kerung. Bet asa kungsi apal kana éta nomer téh. Tungtungna mah ditarima.
Ti ditu kadéngé nu uluk-salam, sora awéwé halimpu naker. Manéhna ngoréjat.
"Abdi Lilis, sekertaris redaksi Majalah Bihari. Punten, leres kitu sareng Pa Dirja?"
"Su... sumuhun."
"Nyuhunkeun waktos sakedap, aya nu badé nyarios..."
"Ma... mangga."
Jep sakedapan jempling. Teu lila kadéngé deui nu uluk-salam, sora lalaki geus rada umuran, semu peuyeuh. Cék pikirna, asa ningnang pisan dédéngéan téh, ari ti nu halimpu ka nu peuyeuh mah.
"Dirja ieu téh?" cék sora ti ditu siga nu can yakin.
"Sumuhun, leres pisan!"
"Dir, ieu Akang. Langsung waé nya, Akang nyaho Dirja teu boga waktu nu lila keur narima télépon. Kieu, Dir. Lilis, enya nu bieu nélépon, geus ngirim surat ka Dirja ngaliwatan pos jeung imél, tapi can aya walonan. Bisi teu nepi, nya disusul tepus ku télépon..."
"Henteu kantos nampi serat abdi mah, Kang..."
"Tuh, nya, mun henteu ditélépon téh. Dina éta surat, Akang ménta Dirja nulis carpon keur majalah Bihari nomer lebaran. Aya kénéh waktu sabulan deui, kitu gé mun Dirja  aya waktu keur nyieunna..."
"Carpon?"
"Enya, carita pondok. Akang remen narima surat ti nu maca Bihari, cenah hayang maca deui carpon Dirja. Tadina rék ngamuat deui nu baheula, asa teu pati pantes ari aya kénéh jelemana mah. Jeung pangpangna mah, sugan wé bisa ngundakkeun deui oplah Majalah Bihari, nu kiwari tinggal sababaraha rébu éksemplar. Angkeuhan Akang téh, Dirja kasebut keur nanjung, sohor lain ngan di Tatar Sunda, tukang pulang anting ka luar negeri, ceramah di mana-mendi, mun daék nulis deui carpon téh, Akang reueus pisan."
"Iraha paling leuir, Kang?"
"Nya kira-kira pertengahan bulan puasa. Dimuatna engké geus rék deukeut ka lebaran. Akang geus nyadiakeun rohangan lima kaca. Malah geus pesen ka tukang layout, hayang diseparasi ngarah aya warnaan, ulah cakueum teuing..."
"Mangga..."
"Sukur atuh. Nya kitu heula wé. Hampura Akang ngaganggu. Jeung, euh... rék sanduk-sanduk wé ti anggalna...."
"Kumaha kitu, Kang?"
"Enya, perkara honorna. Lah, matak éra. Biheung mahi keur ngeprin-ngeprin acan..."
"Na ari Akang, siga jeung saha..."
"Nya sukur ari Dirja ngarti mah... Enya sakitu heula. Mun geus bérés mah bisa dikirim kana imél, konfirmasikeun wéh ka Lilis..."
"Muhun, mangga..."
Télépon ditutup. Lelembutanana bet terus ngacacang. Majalah Bihari. Sora nu peuyeuh. Carita pondok. Kacida ahéngna bet ngaronghéap deui.
Gebeg téh. Éta bieu, sajeroning narima télépon, naha bet siga nu kasirep. Wani-wani nyebut mangga bari teu diimpleng heula sanggup-henteuna. Padahal mun nolak gé meureun moal nanaon, pasti surti kana kariweuh manéhna. Télépon deui kitu, ngabedokeun?
Panto kamar aya nu ngetrokan.
"Pa, diantosan di handap, peserta seminar parantos rempeg..."
*
"PA Dirja téh, kawitna mah, sok nyerat fiksi dina média lokal. Tina resep maca, anjeunna jadi euyeub ku pangaweruh, ngajembaran panalar, dugi ka sering medar sabudereun budaya lokal dina pirang-pirang basa. Kantos diulem ku UNESCO ngadugikeun pamendakna ngeunaan budaya lokal Indonésia. Ti dinya anjeunna sering diulem ka luar negeri, kantos ngayakeun gawé bareng sareng sawatara lembaga budaya di nagara deungeun. Ayeuna, lian nohonan pangulem seminar sareng ceramah, anjeunna janten pupuhu Dirja Foundation nu kénging pangrojong waragad ti luar negeri..."
Méh teu kadéngé sora moderator téh. Manéhna anteng kénéh mikiran sora nu peuyeuh. Atuh semu ngarénjag basa digebah dititah nepikeun pamanggih téh. Nya barabat wéh, da geus apal cangkem ieuh. Peserta seminar teu burung kasima ngabandungan gagasan nu sakitu luhurna, logis tur futuristik.
"Mun budaya lokal hayang maju, kudu manjing di kiwari, ngakar di baheula. Manjing di kiwari wungkul, euweuh hartina, sabab engkéna baris leungiteun ciri. Ngakar di baheula wungkul, teu béda ti ngadon ngukus hareupeun komputer..." pokna, bari klik kana mouse. Bréh dina layar gambar skéma nu pabeulit ku garis silih tunjuk.
"Ieu simkuring ngadamel gambar sabangsaning regenerasi budaya. Katingal ti handap dugi ka luhur, ngaliwatan sababaraha generasi. Idéalna, unggal generasi mawa misi nu béda, diluyukeun jeung jamanna. Maksad simkuring, dina saban generasi, nu disebut budaya téh robah, tapi akarna puguh. Upamina, generasi kahiji henteu kedah maksakeun ngahuapan generasi kadua ku kahayangna, da tugasna lain maksakeun kahayang, tapi népakeun akar. Mun generasi kahiji keukeuh peuteukeuh, komo bari réa nyawad batan méré bongbolongan, dijamin tah aya generasi nu pegat. Mun geus pegat, nya wayahna baris kaeusian ku nu séjénna. Nu mawi simkuring mah, punten, mun aya nu nyebutkeun generasi ayeuna geus kabaud ku budaya deungeun, nya lain salah batur. Salah urang sorangan, bongan henteu bisa nyambungkeun akar ti generasi ka generasi."
Peserta seminar bati olohok. Teuing hélok teuing bureng, atawa kasima nempo nu ngabamblam sakitu sumangetna.
"Tah, ayeuna nu badé dipedar ku urang, kumaha nyambungkeun generasi sangkan henteu pegat..."
*
Di Hotél "Paripurna", bulan puasa.
"Mirna, naha mani kalékéd narima telepon téh? Kieu, cik pangningalikeun jadwal sayah nepi ka méméh lebaran, aya waktu nu kosong teu? Kumaha? Cik atuh nu puguh ngatur jadwal téh, maenya sayah kudu nyarita di dua tempat dina waktu nu sarua. Euweuh sapoé-poé acan? Enya, apan ka Malaysia mah paling saminggu. Aéh-aéh, nu ka Prancis mah diundur, kagok ku lebaran. Pokona mun bisa aya nu dibedokeun, sayah rieut kudu nyieun makalah unggal peuting, can program preséntasina... Kumaha, geus dipalanjer? Cik ilikan deui nu bener...."
Klik, telepon ditutup. Manéhna ngalangeu dina jandéla, di lanté opat, niténan gegekna patali marga mangsa tengah poé éréng-éréngan. Katémbong plang iklan ngajajar pabadag-badag, ngaréka pirang-pirang poseu awéwé rancunit.
Kring deui télépon. Nomer anyar tapi asa wawuh.
"Abdi Lilis, sekertaris redaksi Majalah Bihari. Punten, badé naroskeun perkawis carpon téa..."
"Oh, muhun... kantun éndingna manawi, ké upami tos réngsé saénggal dikintunkeun kana imél... Iraha naék citak?"
"Opat dinten deui, Pa..."
"Oh, aya kénéh waktos..."
Ngalangeu deui. Hawa kota, di luar, dipapantes téh teuing ku nyongkab. Ranjug téh, manéhna semu ngagebeg, basa panonna eunteup ka parapatan Jalan Kirinyuh. Lebah trotoar siga nu ngampar catetan lawas. Di dinya, welasan taun katukang, manéhna kungsi ngajanteng luut-léét késang. Terus nikreuh ka kalérkeun bari ngélék map dieusi naskah. Nyéh seuri sorangan, harita manéhna teu boga keur ongkos-ongkos acan, rék ngadon kasbon ngijonkeun naskah ka Bu Euis, bagian keuangan di Majalah Biwari.
Kring deui télépon.
"Mirna, Pa. Katingalna mah jadwal téh padet pisan, euh... Bapa mung aya libur 3 dinten dina lebaran téh. Dua dinten saatos lebaran kedah tos ngabiur ka Prancis."
"Nya teu nanaon ari kitu mah..."
"Supados teu kaganggu mah, rupina, mangga atur hapé Bapa supados mung tiasa nampi télépon ti nomer husus baé..."
"Enya..."
Télépon ditutup.
Rét deui ka parapatan. Ingeteun kénéh, harita bada asar manéhna diuk di jero angkot, lebah lampu setopan, balik ti Majalah Bihari.
Manéhna ngarahuh. Gagancangan muka léptop, dihurungkeun.
Keur kitu panto kamar aya nu ngetrokan.
"Pa, diantos di rohang handap. Peserta seminar parantos rempeg..."
*
TI hiji masjid, sora nu keur tarawéhan mapay-mapay hawa kota, kasilep gerungna mobil nu pabuis kénéh muru hilir muru girang, kacandet jandéla kamar Hotél "Paripurna", di lanté opat.
Hapé napel kénéh dina ceulina.
"Tah kitu, Mir. Pokona peuting ieu ditungguan di kamar 404. Aéh-aéh, lain manéh nu kudu ka dieu mah, kuriak matak gujrug. Enya, éta pangarang téa. Télépon heula Lilis, sekertaris majalah Bihari. Nya kumaha wé atuh carana, siga lain jalma nyakola waé Mirna mah. Enya, tanyakeun saha pangarang panghadéna, terus téangan téléponna, jemput ku Si Udin sina dibawa ka dieu. Lah... teu hayang nyaho, pokona kudu peuting ieu..."
Klik télépon ditutup. Kop deui kana léptop. Makalah kakara nepi kana bubuka.
Teu kaur laju kawasna téh. Bet rus-ras ka sora nu peuyeuh. Bangun keur ngaléléwéan, dina umur tunggang gunung, nérékték maké mesin tik. Sora mesin percetakan ngaguruh dina ceulina, jep eureun kacandet keretas nu ngagulung-wantuning mesin generasi taun 1960-an, ririwit pisan. Awéwé tengah tuwuh ngajanteng nyekelan tulang sapi nu geus hérang balas dipaké ngalipet keretas. Sora mesin citak mungguh ngahiung ngabetot ka mangsa lawas.
Tengah peuting.
Bél kamar disada. Rurusuhan dibuka. Bray. Ngajanteng duaan. Nu hiji, wawuh pisan manéhna, Si Udin supir kantor. Nu hiji deui, budak ngora kénéh, katémbong mani rengkuh.
"Ieu pangarang téh?" manéhna ngeuteup ka nu datang.
"Ah, tamba teu aya damel wé abdi mah. Sok leukeun kutrat-kotrét. Kantenan, da ari kurup sareng pangabutuh mah henteu. Mun teu aya deui damel..."
"Oh, kitu... saha ngaran téh?"
"Seueur..."
"Har, naha bet réa?"
"Muhun, dina majalah mah sering nganggo sandi asma."
"Oh... teu nanaon. Sok diuk...."
"Duh... asa kagunturan madu abdi mah ditepangkeun sareng Pa Dirja téh, da sering maca karyana tina majalah édisi kapungkur..."
Gék dariuk dina sofa.
"Ti iraha sok ngarang?"
"Aya panginten lima taunan mah... ah tambi kesel wé, Pa. Nya éta gé sok aya nu nyantok dugi ka sababaraha kali kénging penghargaan."
"Bisa kana komputer?"
"Euh... tiasa ngetik-ngetik baé mah..."
"Bisa kana internét?"
Ngahuleng heula. "Www téa, Pa?"
"Enya, ngirim naskah kana imél..."
"Kana naon ngirim émail téh... diposkeun?"
"Lah, teu nyambung. Kieu wé, da moal lila. Sok dibayar sabaraha mun nulis carpon sajudulna?"
"Emh, ... sa..." rada laun nyaritana téh.
"Kieu, sok nyieun carpon sajudul. Ngeunaan lebaran. Nu alus. Nu nyastra. Ku sayah dibayar sapuluh juta!"
Éta budak kalah olohok.
"Nya lumayan keur bekel lebaran. Daék?"
"Ma... mangga..."
"Nya tapi aya saratna. Éta carpon kudu maké ngaran sayah. Terus kirimkeun file-na ka Lilis, sekertaris majalahBihari. Kopina kirimkeun ka Mirna, sekertaris sayah. Alamatna tanyakeun ieu..." bari nunjuk ka supirna. "Éta carpon panjangna lima kacaeun majalah, kudu geus kabikeun isuk. Kumaha?"
"Ma... mangga..."
"Boga nomer rékening?"
"Teu... teu gaduh..."
"Ieu wé atuh maké cék, isuk duitna cairkeun di bank. Sok ayeuna mah geura gawéan..."
"Hatur nuhun, Pa Dirja..."
Duanana ngaléos. Gap deui manéhna kana léptop. Ngarahuh.
*
TILU poé sabada lebaran. Ti lebah bandara, aya kapal ngabiur ninggalkeun lalaki tengah-tuwuh nu keur kurah-kuréh di hiji kios koran.
"Geus aya majalah Bihari téh, Jang? Baheula mah ngalanggan Bapa téh, ayeuna mah sabada pangsiun, teu kaduga mayarna, jadi ngécér wé..."
"Aya, Pa. Dipesenkeun wé, da biasana mah tara aya. Puguh teu pati pajeng, ukur diréturkeun..."
"Nya engké mah mawa wé... keun Bapa nu meulina... Cik mana nu panganyarna?"
Nu boga kios koran kurah-koréh heula sakedapan, song wéh. Sakedapan éta lalaki mukaan majalah.
"Aya kénéh, Jang?"
"Da ngan pesen hiji, ngan éta-étana..."
"Lah, hanjakal atuh teu bisa dihilikeun. Sigana nu ieu mah aya kasalahan. Ieu geura, piraku lima kaca kosong euweuh eusian?"

No comments:

Post a Comment