Pages - Menu

Wednesday, October 31, 2012

Éntog teu Mulang

Jam tilu soré.
"Si Ahmad geus ngaliwat, manéhna?" cék Mang Oji ka pamajikanana.
"Bieu mah mawa carangka ka kidulkeun, tapi can katémbong balik deui," walon Bi Rukim.
"Kumaha papakéanana?"
"Dicalana komprang, maké dudukuy, ngajingjing arit!"
"Henteu maké kopéah?"

"Henteu. Ari kitu aya naon, teu karuh-karuh nanyakeun Si Ahmad?"
"Biasana wayah kieu téh geus indit ka masigit. Pohoeun kitu?"
"Atuda kakara ogé jam tilu,"
"Baruk? Kakara jam tilu?" Mang Oji ngoréjat. "Ari sugan téh geus satengah genep. Naha waktu téh, mani asa leuir-leuir teuing?"
"Da Akang mah, puasa téh ngan ngarérétan baé jam. Bangbrangkeun ka dituh, ngarah henteu ngabarungsinang!"
"Lain ngabarungsinang. Éta, nanyakeun Si Ahmad sotéh, hayang geura-geura ngadéngé manéhna adan. Mani asa ngeunah kana ceulina téh,"
"Puguh baé, da wedalan pasantrén Bojong. Ngajina ogé alus, kungsi jadi juara kacamatan apan!"
Mang Oji ngahuleng, bari ngadayagdag kana korsi. Sukuna nyampay dina méja. Ragamang kana saku, ngusiwel ngaluarkeun bungkusan.
"Siga rék udud, manéhna?"
"Gagabah teuing! Rék dipindahkeun kana méja ieu mah, ti tatadi disakuan baé!"
"Bako ti mana kitu?"
"Paméré Si Darmita, tadi isuk-isuk. Bako kawak béjana mah, da diasaan téh mani seungit melenghir,"
"Baruk diasaan ongkoh?"
"Enya, tadi ti peuting, balik tarawéhan!"
"Lain isuk-isuk dibéréna ogé?"
"Na talété teuing atuh!"
Ngahuleng deui. Panonna neuteup ka buruan, ngaliwatan panto nu ngageblang. Katempo budak leutik keur ngadahar cau. Mang Oji neureuy ciduh.
"Gogoda ..." gerendengna. Rét deui kana jam. Kakara satengah opat. Dayagdag deui. Huleng deui. Naha atuh, ari koréjat téh siga manggih ka reuwas. Berengbeng ka dapur, leumpangna mani blagbligblug.
"Aya naon?" cék pamajikanana, nu keur campego hareupeun hawu bari ngasur-ngasur suluh.
"Ari daging éntog geus dijait?"
"Enggeus. Tuh, dina pago, diwadahan ayakan!"
"Geus diasakan?"
"Acan, da beurang kénéh!"
"Kadé bisi kapopohokeun!"
"Moal, apan kami gé hayang ngasaan!"
"Heueuh, sakali-kalieun mah buka puasa téh ku nu ngarareunah. Bangsaning dadagingan, ulah asin deui-asin deui. Kumaha ari keur tajil, aya kénéh candil, lin?"
"Apan ku Akang dibéakkeun basa balik tarawéhan!"
"Ku naon atuh?"
"Apan boga kénéh cau raja ceré,"
"Aéh, heueuh. Har ... geuning daging éntog téh kari sapuluh keureut, naha ka mana sawaréh deui?"
"Taktagé, keur keuheul kami téh. Ku Akang dipoe di luhur kandang domba, lin?"
"Enya, ari kitu?"
"Si Renggé, hayam Si Kosim, gagarapakan di luhur kenténg. Teuing dikumaha, da poé daging téh ujug-ujug murag. Jol Si Bopih, anjing Si Kosim kénéh. Puguh baé asa dibéré hancengan ..."
"Jadi ieu téh sésa Si Bopih?" Mang Oji mani molotot.
"Lain éta mah, anu nyésa kénéh di luhur kandang. Ari anu murag mah lapur wé, geuleuh rék dicokot deui ogé,"
"Na ari Si Kosim, gableg ingon-ingon diabur waé. Diontrog siah ku aing!" Mang Oji mani kekerot.
"Ulah, Kang. Ayeuna téh bulan puasa, naon kasebutna mun paréréa omong téh,"
"Keuheul atuda,"
"Keun wé atuh, da henteu pérén kabéh. Lain, ari éta téh daging éntog ti mana?"
"Nya éntog urang atuh!" Mang Oji muncereng.
"Ké, ari urang boga sabaraha hiji éntog téh?"
"Na mani teu apal kana ingon-ingon. Ti baheula ogé urang mah teu kungsi riab ku éntog. Si Géyot apan anu dipeuncit téh, bonganna nguyung baé. Tumpur wé meureun éntog téh, Si Géyot geus euweuh mah!"
"Ké, ké, lain Si Géyot mah keur dikurungan di pipir?"
"Geus dipeuncit cék kami ogé!"
"Aya kénéh. Jung ilikan di pipir!"
Mang Oji turun ka buruan. Enya baé éntog téh keur dikurungan ku carangka. Gidig deui ka dapur bari kerang-kerung.
"Enya geuning ..."
"Heueuh, puguh kagét kami ogé!"
"Ari dipeuncit éntog saha atuh, nya. Ah, barina ogé maké jeung geruh atuh!"
"Jadi kumaha atuh, Kang?"
"Asakan wé. Rejeki urang éta mah!"
*
Bada magrib.
Mang Oji geus ngampar samak di dapur. Sangu haneut diwadahan ku boboko, geus ngawagir hareupeunana. Kitu deui deungeunna mani ngabarak, kaasup daging éntog téa.
"Manéhna!" pokna, ngageroan pamajikanana. "Ngén atuh urang dahar!"
"Moal solat heula?"
"Engké deui, geus dahar. Cék ajengan ogé tara husu ari solat méméh dahar téh. Komo apan ayeuna mah aya daging éntog,"
Kakara ogé rék ngarongkong piring, kaburu aya nu pupuntenan. Cukil ditunda deui. Kojéngkang mukakeun panto.
"Mang Oji aya?" cék nu di luar.
"Geuning ilaing, Kosim. Yap atuh ka jero!"
Kosim unggah, bus ka dapur, diuk hareupeun dahareun nu ngabarak.
"Euleuh, geuning badé taruang. Ngaganggu meureun?"
"Ah, henteu. Sakalian wé atuh, geus buka acan?"
"Enggeus ari buka mah, ngan kakara ngadahar candil!"
"Enya, sakalian wé di dieu!"
"Asa ararisin ieu téh?"
"Naha maké jeung éra, kawas di imah saha baé!"
"Ditampi atuh!"
"Enya, sok!"
Kalahka kapiheulaan ku Si Kosim dahar téh. Mang Oji bati medenghelna, da puguh satadina mah ukur ajak jawa. Tapi teu bisa kumaha, moal enya ari dicarék deui mah. Buru-buru manéhna ogé nyokot piring, rék maturan sémah. Na atuh, teu ku hanteuna téh, Si Udin, budakna, nyampeurkeun ka dapur. Leuheung lamun saukur nyampeurkeun, da ieu mah bari barangtitah ongkoh.
"Pa, pangnyieunkeun kolécér!" pokna.
"Ké deui, Bapa rék dahar heula!"
"Ulah ngaganggu Sujang, Bapa manéh rék buka!" cék Bi Rukim.
"Hayang ayeuna!"
"Piraku wayah kieu hayang kolécér, rék di mana nanggerkeunana. Batur mah geus indit tarawéhan!"
"Hayang ayeuna!" Si Udin kalahka lewa-lewé.
"Isuk deui!"
Abong budak, dihulag téh kalahka ceurik gogoléran dina palupuh.
"Jung atuh nyokot awi jeung péso rautna!" sora Mang Oji mani teugeug. Ari Si Kosim, henteu ngarérét ka sisi ka gigir, jongjon baé dahar mani bangun ponyo naker, disaksian ku Mang Oji bari ngarautan awi. Bi Rukim tibang ngégél curuk di lawang ka imah.
"Puguh kieu, Mang!" cék Si Kosim bari ngosom. "Kuring téh rék nginjeum carangka, keur mawa jagong ti Palawija!"
"Pira carangka atuh, cokot baé di pipir!"
"Enya. Bisi Emang hayang ngasaan jagong, isukan dikirim!"
"Nyimpangkeun wé tilu siki mah. Hég nu ngora kénéh, hayang ngasaan beuleumna!"
"Naha atuh abong teuing, mani ngan ménta tilu. Lain Mang, ari ieu daging naon, asa ngeunah-ngeunah teuing?"
"Daging én ..."
"Hayam!" kaburu ditempas ku Bi Rukim.
"Paingan atuh, mani pédo. Cakial, Mang!"
"Enya sugan!"
"Sok atuh, asa teu puguh dahar sorangan mah!"
"Ké ieu kagok, keur nyieun kolécér!"
"Hayam nu mana ieu téh, Mang?"
"Euh ... nu mana, manéhna?" bari ngarérét ka Bi Rukim.
"Si Tigug!"
"Paingan atuh, dagingna mani pungkil. Nyaritakeun ingon-ingon, asa kaingetan, kuring téh keur leungit éntog!"
"Baruk?"
"Isuk-isuk mah aya, malah kaburu kénéh diparaban. Terus baé ngider teuing ka mana, nepi ka bieu can mulang kénéh!"
"Lain Jang Kosim mah teu boga éntog!"
"Puguh kieu lalakonna mah. Mangkukna, kuring téh tatamba ka Ciseureuh, nepungan Bah Wirya, dukun wacis téa. Apal meureun Emang ogé, kuring boga kasakit eungap. Cék Bah Wirya, piubaranana ku daging éntog. Tapi, kudu meunang ngajampéan heula, ngarah kaala barokahna. Kabeneran Bah Dukun téh ngingu éntog. Nya ngaririhan hiji,"
"Kutan kitu?"
"Enya. Cék Bah Wirya, éta éntog dipeuncitna kudu poé Jumaah, jam opat burit. Didaharna dina waktu buka puasa. Nya ayeuna meureun waktu nu mustari téh. Tapi éntogna bet leungit!"
"Karunya teuing!"
"Kapaksa wé meureun isuk mah, sakalian ngala jagong, rék nepungan deui Bah Wirya. Bisi matak kumaha onam, éntog meunang ngajampéan kalahka leungit. Aéh, kamalinaan geuning dahar téh, mani areungap kieu. Nuhun, Mang!"
"Ulah asa-asa Jang, sok wé hayang kénéh mah!"
"Wareg, ah. Badé permios baé. Di mana carangka téh?"
"Cokot baé di pipir!"
Si Kosim ngaléos. Mang Oji ukur bati hanjeluna, basa ngarérét kana piring, daging éntog geus beresih. Nu nyésa téh ukur sambarana.
"Na aya sémah kasebelan teuing, mani teu ngagéhan nu boga imah!" Mang Oji kutuk-gendeng.
"Béak kitu? Euleuh, enya geuning ..."
"Teu boga kaéra jelema kitu téh!"
"Teu nyaho kasopanan nya , Kang!"
"Puguh baé. Abong teu apal tatakrama Si Éta mah!"
"Ké, boa nu dipeuncit ku Akang téh éntog Si Kosim. Da di lembur urang mah euweuh nu bogaeun deui éntog. Mun enya téh, keun baé da didahar ku nu bogana. Atuh basa murag tina kenténg, apan dihakanna téh ku anjing Si Kosim kénéh!"
"Kateuing atuh!"
*
Isukna, pabuburit.
"Ari éntog geus diampihkeun?" cék Mang Oji.
"Éta sugan, apan Akang anu ngencarkeunana ogé!"
"Hih, boro-boro nguruskeun éntog kami mah. Sakieu keur rariweuh téh!"
"Teuing atuh, da acan katémbong!"
"Kamana ulinna, nya, wayah kieu tacan mulang!"
"Boa diampihkeun ku Si Sujang?"
"Iraha teuing budak aya kahideng. Sakitu pagawéan ukur ngablu téh. Ari engké dahar jeung naon?"
"Aya pais burayak jeung angeun waluh!"
"Asa bosen ngadéngéna ogé. Iraha béakna pais burayak téh?"
"Teuing atuh, bet nanyakeun ka kami!"
Keur guntreng kitu kurunyung Si Omod, budak Kosim.
"Badé nyanggakeun jagong!" pokna, bari neundeun karung hareupeun Mang Oji.
"Nuhun, Jang. Wayah kumaha bapa manéh balik ti kebon?"
"Tadi, tengah dinten. Saur pun Bapa, engké cénah bada magrib kedah ka ditu, urang tuang sasarengan!"
"Dahar babarengan?" Mang Oji kerung.
"Muhun!"
"Ké, asa teu gugur teu angin ieu téh, diondang dahar ku Si Kosim!" Mang Oji ngarérét ka pamajikanana. "Aya acara naon, Jang?"
"Duka atuh, ngan pun biang nuju masak kanggo tuang sasarengan téa!"
"Masak naon?"
"Saur pun bapa mah ... daging éntog!"

Sumber: http://daluang.com/

No comments:

Post a Comment