Pages - Menu

Wednesday, October 31, 2012

Tajug

Paralun, lain rék ngageuhgeuykeun ka nu ibadah. Da mémang harita mah kitu kanyataanana, urang lembur masih kénéh awam ka nu ngaranna tajug téh.
Kuring inget kénéh, hiji mangsa kolot-kolot di lembur ngayakeun riungan di imah Pa Érté. Ngabadamikeun rék nyieun tajug. Balangsak cénah, upama Jumaahan téh kudu ngadon ka lembur Girang. Mangkaning jalanna sorompod, ngaliwatan kebon awi sagala rupa. Cék nu heureuy téa mah, inditna kudu nyubuh, beurang saeutik, tara kabagéan hutbah.

"Enya, Pa Érté, kudu buru-buru nyieun tajug téh. Si Obay ogé kamari, caritana wé rék Jumaahan. Naha ari balikna, geus nanggung suluh. Teuing nepi teuing henteu ka tajug mah!" cék Kang Acéng.
"Ari geus mangsana tarawéhan sok balangsak téh. Peuting-peuting kudu ngaliwat ka kebon awi, mangkaning loba kabéjakeunana. Tah, lebah tangkal picung téh, béjana mah sok aya nu ngagulawing," cék Darmita.
"Heueuh, apan ieu ogé keur dibadamikeun. Tanahna mah geus aya, wakap ti Ema Unda. Kari néangan waragad bahan keur wangunanana. Sok atuh urang pikiran ku saréréa!" cék Pa Érté. Ngadéngé kecap "waragad" mah, nu keur cékcok téh paheula-heula jempé.
"Usul, Pa Érté!" cék Kang Rahmat. "Kaina mah, urang maling wé ti leuweung, deukeut ieuh. Awina ngabukbak nu Bah Mita, malaur ngagegedeg tara aya nu ngala. Kenténgna ..." Kang Rahmat ngahuleng heula, "Urang ngumaha wé ka Si Darmita, apan manéhna sok nyitak kenténg. Wajar wé nyumbang satajugeun mah,"
"His, béak modal atuh déwék, mangkaning meunang nganjuk ti mitoha!" Darmita nyelengkeung.
"Hadé usul téh. Tapi meunang kitu mun nyieun tajug bahanna meunang maling? Kumaha, Pa Lebé?" Pa Érté ngarérét ka Lebé Encém nu ti tadi anteng nundutan. Puguh baé asa kagebah, katémbong pisan ngarénjagna téh.
"Aya hadéna mun di urang nyieun tajug!" pokna, siga lulungu kénéh. "Keun kuring siap jadi imam, kieu-kieu ogé kungsi ngaji di Ajengan Kosim!"
"Percanten éta ogé. Tapi kumaha nurutkeun Pa Lebé, mun bahan keur tajug meunang maling ti leuweung?"
"His, ulah atuh. Maling mah maling wé, najan keur tajug ogé. Teu, teu satuju!" cék Lebé Encém bari memener kopéah.
"Kuring boga usul deui!" Darmita ngacung. "Apan Pa Érté téh gaduh bumi kosong, tara aya nu ngeusian. Éta wé atuh pindahkeun, énténg ngagarapna deuih!"
"Éta mah keur anak déwék atuh!" Pa Érté muncereng.
Nepi ka tengah peuting riungan téh. Ngagayuh ka janari kakara bubar. Kacindekanana, bahan keur tajug rék méntaan ka unggal imah, saridona. Peuting éta kénéh ogé nyieun panitia.
Henteu mangkuk tilu bulan, bahan keur tajug téh geus ngagunduk. Isukna der diadegkeun, salembur éta mah tamplok marantuan. Awéwé cuhcih nyadiakeun susuguh. Pa Érté tutunjuk bari melenyun udud. Lebé Encém, da puguh geus sakitu kakolotanana, meusmeus ngoloyong ka handapeun tangkal jambu, ngadon ngiuhan.
"Kadé Pa Érté, kudu nyieun tihang di tengah tajug téh. Rék dua rék tilu éta mah!" cék Kang Rahmat bari anteng mapasan tangkal mahoni.
"Keur nanahaon tihang?"
"Ngarah weweg atuh, jeung pangpangna mah, ngarah aya tempat nyarandé. Unggal peuting bagilir, ngarah adil. Kitu di lembur girang ogé!"
"Paranti nundutan?"
"Sigana mah kitu ..."
"Doraka siah!" Pa Érté muncereng. "Cék Pa Lebé oge, di tajug mah teu meunang nundutan!"
"Deukeut paimbaran nyieun hiji, Rahmat!" Lebé Encém nyelengkeung ti lebah tangkal jambu.
Heuleut saminggu ogé, tajug téh geus ngadeg. Henteu sabaraha gedé, tapi cukup keur jelema 40 baé mah. Bilikna ku hinis petingan. Palupuhna maké awi surat. Tepasna rada lega, paranti barudak diajar ngaji. Hareupeunana aya kulah, caina beunang ngocorkeun ti tampian Pa Érté.
Isukna diresmikeun ku Pa Kuwu.
Kangaranan kana barang anyar atuh, saban peuting pinuh-pinuh baé. Lebé Encém katémbong riweuh. Unggal peuting kudu nerangkeun bagbagan ibadah, da loba nu poékeun kénéh.
"Jadi solat berjamaah mah kudu aya imam jeung mamum. Imam téh pamingpin solat, mamum kudu nurut ka imam, ulah miheulaan,"
"Kumaha mun imamna batal, euh ... kapoosan upamina?" aya nu nyelengkeung ti tukang.
"Wayahna imam kudu eureun!"
"Atuh mamum ogé eureun?"
"Henteu, da aya wawakilna. Anu kira-kira sanggup jadi imam, kudu nyuluran imam nu batal téa, upamana baé Pa Erté, nu geus taram-taram jadi imam. Ngan omat, nu rék nyuluran kudu cicing tukangeun imam, ngarah henteu jauh teuing ngaléngkahna. Kahartos?"
"Kahartoooos!"
Isukna, basa keur solat isa, enya baé Ki Imam téh kapoosan. Da éta wé, sanggeus ngarérét ka mamum, terus kaluar ngaliwatan panto deukeut paimbaran. Nu keur solat ukur silih rérét, lila naker paheneng-heneng. Bingung tayohna téh.
"Di mana Pa Érté?" kadéngé aya nu ngagerendeng.
"Ieu kuring mah, di juru tukang!" aya nu nyelengkeung  rada tarik.
"Sok atuh jadi imam, da euweuh nu bisaeun!"
"Ku silaing wé atuh, Rahmat, apan étah cicing di hareup!"
"Teu bisa kuring mah. Nyanggakeun sadaya-daya ka Pa Érté,"
"Silaing atuh, Daroji!"
"Paralun teuing, sieun salah babacaanana!"
"Mani euweuh nu sahulueun!"
"Buru atuh Pa Érté, bisi kaburu tengah peuting mantén, jabaning can maraban domba ieu téh!"
"Sarua déwék ogé can dahar. Ké atuh ... kumaha cék Pa Lebé téh?"
"Enya, geura pindah ka paimbaran,"
"Kadé Pa Érté, teu meunang leuwih ti tilu léngkah!"
"Naha teu neuleu pisan, apan déwék téh di juru tukang!"
"His, da kitu kuduna asana mah. Léngkah panjang wé atuh!"
"Keukeuh moal katepi!"
"Kumaha mun ngajleng?"
"Euweuh keur ngawahan!"
"Kumaha mun digandong ku kuring, sah kitu?"
"Tanyakeun heula ka Pa Lebé, asa can manggih kateranganana!"
"Di mana Pa Lebéna?"
"Di cai meureun!"
Berebet aya nu nyusul ka cai. Kasampak Lebé  Encém keur wudu.
"Pa Lebé, kumaha mun imam digotong?"
Lebé Encém kerung.
"Geus dariuk kituh, geuning can ngarti kénéh!"  Lebé Encém kutuk-gendeng. Berebet nu nyusulan balik deui.
"Meunang cénah bari diuk ogé. Ngésor meureun ..."
Peuting éta kénéh ogé, Lebé Encém gegelendeng.
"Solat mah teu meunang bari ngomong, kawas teu apal baé. Mun euweuh nu sanggup jadi imam, nya enggeus heula wé atuh, engké jadian deui,"
"Sanés teu sanggup, Pa Lebé. Apan ti juru tukang ka paimbaran sakitu jauhna. Kudu seseleké meureun, kumaha mun ngagitik batur, kuriak matak ébat!" cék Pa Érté.
"Taktagé, nu siap jadi imam mah, kudu deukeut paimbaran. Sok ayeuna mah urang solat deui!"
Isukna Lebé Encém henteu ka tajug. Sigana mah capéeun. Da puguh imahna rada anggang. Nu rék solat berjamaah bingung. Mangkaning Pa Érté ogé teu katémbong.
"Susulan ka dituh, Darmita!" cék Kang Rahmat.
"Moal ka dieu, keur nyeri cangkéng. Tadi bébéja ka kuring, cénah moal ka tajug!"
"Pa Érté atuh!"
Si Darmita ngaléos. Teu lila geus ngurunyung deui dibaturan ku Pa Érté.
"Aya naon ieu téh, rék solat kalah ka cékcok?"
"Pa Lebé henteu ka dieu, jadi Pa Érté kudu ngimaman!"
"Ké heula atuh, rék nyokot sarung!"
"Har, ari sugan téh ..."
Teu lila geus nyurung deui.
"Komat ka dinyah, Supatma!"
"Ke heula, keretasna leungit, tadi mah asa ditunda dina kolor!"
"Aéh-aéh, naha rék komat-komat baé mani kudu maké keretas?"
"Ari can apal. Darmita, cik pangnyokotkeun kolor déwék, tah ngagawing dina tihang!"
"Baruk neundeun kolor dina tihang, paingan ti tadi aya nu ngahiek?"
"Montong gagabah teuteundeunan téh, Patma. Di tajug mah kudu beresih!"
"Étah geuning, nu Pa Érté oge ngalumbuk deukeut paimbaran?"
"Da can diampihkeun nu déwék mah!"
Galantang Supatma komat. Pa Érté geus mimiti takbiratul ihram, diturutan ku séjénna. Tapi ka dituna, Pa Érté téh anggur jempling, henteu kecét-kecét, ngahuleng salila-lila.
"Naha mani henteu ngagéhan ka nu rék amin," aya nu ngaharéwos.
"Jep, montong nyarita ari keur solat!"
"Subhanalloh!"
Pa Érté ngalieuk.
"Hampura, aya nu poho. Jadian deui wéh!"
Solat dimimitian deui. Pa Érté sujud, diturutan ku séjénna. Pleng waéh, lila naker euweuh tanda-tandana kudu cengkat deui. Rék cengkat téh, inggis imam sujud kénéh, miheulaan meureun kasebutna.
Tapi ari karah ku cangkeul mah, nu panghareupna ngarérét ku juru panon ka lebah paimbaran. Gebeg téh, Pa Érté geus euweuh di dinya.
"Pa Érté leungit!" Darmita ngoréjat. Nu séjénna ébat, gentak carengkat. Batal wéh caritana mah. Atuh gujrud néangan Pa Érté. Cék nu saurang kapoosan, indit ka cai. Cék nu saurang deui nyumput ka tukangeun  paimbaran. Papada teu apal, da puguh euweuh raratanana. Disusulan wéh ka imahna. Kasampak Pa Érté keur nyaleuhak dahar.
"Kumaha ari Pa Érté, mani euweuh tanggung jawab jadi pamingpin téh!" Darmita kutuk gendeng.
"Har, naha bet nyalahkeun kuring. Geus bérés solat mah, nya balik atuh, rék naon deui?"
"Ari mamum, piraku diantep sina sujud?"
"Kuring mah teu wani ngaganggu, cék Pa Lebé ogé doraka ngaganggu nu keur solat mah. Balik wé rerencepan, bisi maranéh ébat!"
"Tanyakeun ka Pa Lebé ayeuna kénéh, kumaha cénah hukumna mun imam kitu peta!"
Berengbeng ka imah Lebé Encém, Pa Érté ogé milu. Kasampak nu ditéang keur haharegungan bari nyekelan cangkéng. Diterangkeun waéh ku Lebé Encém téh. Nu ngadéngékeun arunggut-unggutan.
"Ngaranna ogé diajar atuh, Pa Lebé. Wajar wé mun aya nu salah téh!" Pa Érté semu ngadégdég.
"Enya, da solat mah puguh sarat-rukunna, teu meunang diheureuykeun,"
"Paralun teuing ari rék ngaheureuykeun mah, rumaos jalmi bodo, teu aya katerang!"
*
Pareng bulan puasa harita téh. Tajug beuki haneuteun. Lebé Encém beuki riweuh baé. Nu hayang diajar ngaji, ray poé-ray poe téh terus nambahan. Kolot-budak, awéwé-lalaki, tingalabring indit ka tajug.
"Rumaos abdi mah, Pa Lebé, tuna ku élmu agama. Puasa ogé, ukur sapanggih-panggihna baé. Ukur tuturut munding, bari jeung ngarti mah henteu!" cék Darmita.
"Hih, apan urang diajar babarengan. Manéh geus apal kana jampé saur, Obay?" Pa Lebé ngarérét ka Si Obay.
"Baruk saur ogé aya jampéna? Teu apal kuring mah,"
"Apan ibadah téh kudu puguh niatna. Rék saur aya babacaanana, rék buka nya kitu kénéh. Pa Érté mah apal meureun?"
"Inget-inget poho,"
"Cik manéh, Suip!" Pa Lebé ngarérét ka budak leutik nu diuk panghareupna. Galantang wéh budak téh.
"Tuh, budak mah geus apal!"
"Atuda geus kolot mah pohoan, Pa Lebé. Loba pikiraneun!" Pa Érté rada ngélémés.
"Tah, engké téh mimiti tarawéhan. Kadé barudak, ulah hareureuy!"
"Kolot ogé sok aya nu heureuy, Pa Lebé!" Daroji nyelengkeung. "Di lembur Girang, basa taun tukang kuring milu tarawéhan, mani asa di mana mah. Silih sedek-silih séréd, réol ka katuhu, bereyek ka kénca. Budak loba nu ceurik kagencét, bilik tajug nepi ka ngahelob!"
"Heueuh, lain turutaneun éta téh. Rék sesedekan mah, henteu kudu di tajug, di tegal pangangonan ogé kurang kumaha lega!"
"Manéh mah nepi ka buncunur lain, Rahmat?"
"Enya. Harita téh kuring cicing deukeut tihang. Basa rék sujud, nu ti katuhu nyérédkeun. Puguh atuh tarang mani ngajedak pisan kana tihang!"
"Leuwih ti macul capéna téh, tarawéhan di lembur girang mah!" cék Darmita.
"Ari solat mah kudu husu, boro-boro silih séréd, pikiran ogé teu meunang ucas-acos. Kudu ditiginkeun, yén urang téh keur ibadah ka Gusti Alloh,"
"Pa Lebé!" Aki Dasmin nu nyarita téh. "Aki mah rék balik heula!"
"Mangga baé Aki, bilih aya kaperyogian mah!"
"Enya. Beuteung mani kukurubukan puguh ogé, ti isuk-isuk can kararaban nanaon, sugan wé Si Nini mangéjokeun!"
"Enya, mangga atuh!"
Aki Dasmin ngaléos, leumpangna rumanggieung. Tapi teu lila geus ngaronghéap deui. Gék diuk dina urut tadi.
"Naon Aki, aya nu ditinggalkeun?"
"Poho Aki téh. Apan ti baheula bulan puasa mah teu meunang madang, lin?"
"Puguh atuh, da kakara ogé wanci pecat sawed!"
Peutingna, enya baé tarawéhan téh aman. Taya nu silih-séréd, ari lain sora barudak nu iirihilan mah.
*
Ayeuna mah lembur téh geus robah. Pa Érte geus jadi jelema jegud. Gedongna sigrong, malah cék kolot kuring, bulan hareup rék meuli mobil. Rahmat beuki lancar usahana, jual-beuli ingon-ingon. Lebé Encém mah geus maot, lima taun katukang. Darmita geus jadi tukang dawah, kasohor ka lembur tatangga ogé, sok diondang ari aya muludan atawa rajaban.
"Urang lembur téh geus palinter ngaji.  Si Daroji téh apan baheula mah teu nyaho alip bingkeng-alip bingkeng acan, ayeuna mah geus bisa maca kitab sagala rupa!" cék Ema.
Ngan basa hiji poé kuring ulin ka tajug, rada ngajenghok. Ubin pinuh ku kebul, ari dina paimbaran katémbong loba rambat lancah.

Sumber: http://daluang.com/

No comments:

Post a Comment