Pages - Menu

Wednesday, October 31, 2012

Kalangkang Poé Isuk

Biasana, sok rada marahmay ari ngadéngé aya nu maot téh. Malah mun kongang mah, hayang surak awahing ku asa dibéré milik. Tapi sok gancang nyumputkeun semu. Inggis katohyan ku nu keur manggih karerepet. Tada teuing matak jadi omongna; batur keur manggih kasedih, ari ieu kalahka atoh.

Enya, hirupna téh gumantung ka nu maot. Komo deui ayeuna mah geus cueut ka hareup, geus rérémpo, geus teu kaduga balangsiar. Minangka pakasaban sapopoéana téh ukur néangan daun cau, dikompétan, jualeun ka pasar. Kitu ogé teu bisa unggal poé, da puguh geus kurang tanaga téa. Atuh hasilna ogé seuseut naker dipaké hirup téh. Angot saprak pamajikanana gering ripuh mah.

Lebé Oyo. Di lembur Cihaur mah geus moal aya nu bireuk. Purah ngurus nu maot, purah ngimaman tahlil, ti mimiti tiluna nepi ka natus. Euweuh deui kolot anu percéka kana élmu ngurebkeun mayit, iwal ti Lebé Oyo. Najan umurna geus ngagayuh ka 80 taun, najan ngomongna geus balélol, tapi ku urang lembur dipercaya kénéh. Pangpangna mah, lantaran euweuh deui kolot nu pangabisana kawas Lebé Oyo. Ari urusan nu maot téa, ceuk urang lembur ogé apan puguh tali-parantina, henteu bisa sagawayah dikurebkeun.
Ti ngora nepi ka ayeuna geus cetuk dawuk, pagawéan Lebé Oyo teu kungsi robah. Lantaran geus jadi pacabakan téa, atuh sakalieun nganggur téh, sok rada huleng jentul. Da puguh hirupna ukur ti dinya, tina buburuh nguruskeun mayit.
Sapopoéna, Lebé Oyo kasebut jalma masakat, teu boga dulur, teu boga anak, teu boga pakaya. Imahna nyangkéwok di tungtung lembur, handapeun dapuran haur. Ukur dibaturan ku pamajikanana nu sarua geus rérémpo.
Enya, keur ngora mah hirupna henteu walurat teuing kawas ayeuna. Da puguh gedé kénéh tanaga, masih kénéh kaduga naktak-mundak. Ti mimiti kuli nanggung, buburuh macul, nepi ka sok pirajeunan kutrak-ketrék kana batu, nyieun tutunggul atawa tatapakan. Ari ayeuna, basa umurna geus tunggang gunung, taya deui nu bisa diandelkeun, iwal ti ngadagoan … nu maot.
Pagawéan ngurebkeun mayit téh keur Lebé Oyo mah matak nyambung kahirupan. Upama aya nu maot, meunang tilu bulan baé mah tara susah dahar. Komo upama nu maot kasebut jelema aya. Dina poéan baé, ka imahna sok aya nu ngirim bakakak, béas sagantang, deungeun sangu sapuratina. Terus disambung ku tiluna, tujuhna, matang-puluh nepi ka natus. Saban tahlil sok dibahanan sangu tumpeng jeung rupa-rupa kaolahan ti mimiti opak nepi ka tangtang angin.
Urang lembur ogé geus arapaleun, ngurebkeun mayit téh lain pagawéan énténg-énténg. Nu matak buruhna ogé sok rada onjoy. Aya kasebutna, mun salah jajampéan dina ngurebkeun, sok kabéjakeun aya nu marakayangan. Enya éta ogé, ari Lebé Oyo mah tara ménta buruh. Pokna téh, ngurus nu maot mah geus jadi kawajiban jalma hirup. Tapi urang lembur leuwih surti, Lebé Oyo téh jelema werit, loba pangabutuh. Nu matak najan Lebé Oyo kéképéhan ogé, bélaan dianteurkeun ka pamajikanana.
Sabenerna mah, Lebé Oyo ogé geus capé jadi tukang ngurebkeun mayit téh. Ngan dalah dikumaha deui, da puguh ngan éta-étana anu bisa diandelkeun ku manéhna, dina mangsa umur nu geus tunggang gunung mah. Malah, basa aya urang lembur anu pirajeunan hayang diajar tatacara ngurebkeun ogé, ku Lebé Oyo dikorétkeun. Magarkeun téh ngora kénéh, biheung kataékan, loba pasaratanana, jeung alesan séjénna. Padahal dina enas-enasna mah, Lebé Oyo téh sieun kasoro gawé.
Geus dua taun di lembur téh taya nu maot. Lebé Oyo mindeng huleng jentul bari moyan di buruan. Untung wé Pa Érté hadé haté, da mindeng kikiriman dahareun. Cacakan lamun euweuh nu haat mah, boa manéhna jeung pamajikanana téh ukur bisa nanggeuy gado bari nungguan dapur cambéwék.
Minangka usahana téh, néangan daun cau ka kebon. Ukur kalan-kalan baé, lantaran teu kaop leumpang rada jauh, kasakit nyeri cangkéngna sok kanceuh deui.
*
Lebé Oyo ngenyot padudanana. Sila tutug, bari melong ka lebah dapuran haur. Bilik nu disarandéanana mani geus ngahelob, da puguh ampir unggal poé disérédkeun ku tonggongna. Asa beuki rumeuk téténjoan téh. Singhoréng kahalangan ku cai nu ngembeng dina kongkolak panon.
Poé bieu, basa keur nawarkeun daun di pasar, Lebé Oyo disusulan ku Pa Érté.
“Aki Lebé, aya nu ngantunkeun di lembur!” ceuk Pa Érté. Ngarénjag semu bungah Lebé Oyo téh. Ras inget ka pamajikanana, nu geus saminggu ngalungsar dina balé-balé. Hayang dipangmeulikeun ubar cenah. Nu matak rebun-rebun indit ka pasar ogé, sugan baé daun téh buru-buru payu, ladangna rek dibeulikeun kana béas, mun aya sésana, kakara meuli ubar. Ari ayeuna, ngadéngé béja ti Pa Érté, cenah di lembur aya nu maot. Plong atuh, haténa ngadadak longsong. Kompétan daun gagancangan dijual, sapayuna. Angkeuhan téh, duit buruh ngurebkeun ogé, baris cukup keur meuli ubar mah. Dua taun ka tukang ogé, sok dibere 20 rébu. Piraku ayeuna angger sakitu onaman.
Tapi basa nepi ka lembur, Lebé Oyo kalahka ngajentul. Teu lémék, teu nyarék. Ngan katara tina panonna aya nu ngembeng. Kabungah anu dibawa sapanjang léngkah téh ukur nepi ka tungtung lembur. Kaganti ku nu nyelek dina tikoro. Singhoréng anu keur digugulung ku urang lembur téh lain sasaha deui, tapi nu nitah mangmeulikeun ubar, pamajikanana pisan.
Sajongjongan mah Lebé Oyo ngahuleng lebah golodog. Teu beunang diajak nyarita. Sapanjang hirupna, kakara ayeuna manéhna manggih kasedih anu pohara.
“Uruskeun wé atuh ku manéh, Érté!” ceuk Lebé Oyo, sabada leler deui.
“Hih, abdi mah moal wantun ngalalangkungan. Teu aya katiasa, Aki Lebé nu langkung uninga!”
“Cik néangan atuh, saha wé nu sakirana bisa ngurus mayit. Asa teu wasa kuring mah!”
“Teu aya nu tiasaeun. Mung Aki wungkul!”
Sajeroning nguruskeun mayit téh, haténa mah teu pararuguh. Katambah cimatana nyarakclakan baé. Nu séjénna ogé kawas kabawakeun, da loba nu inghak-ingkakan. Komo dina waktuna ngurebkeun mah, Lebé Oyo nepi ka nyegruk dina tutunggul. Geus puluhan kali ngurebkeun mayit, kakara ayeuna ngeclakkeun cimata dina taneuh beureum.
Panonna melong kénéh ka lebah dapuran haur. Seuneu dina padudan geus pareum sorangan. Enya, geuning sakieu cuang-cieungna ditinggalkeun ku batur hirup téh. Batur ogé moal bina ti kitu. Tangtu sedih, tangtu ngalimba, sok sanajan dina seuhseuhanana mah geus jadi titis-tulis ti Manten-Na.
“Atuh meureun kacida salahna, boa jadi dosa nu pohara gedéna, pagawéan aing nu katukang-tukang téh. Batur mah keur sedih, ari ieu kalahka bungah, da puguh rék nampa rejeki. Boa rejeki anu didahar ku aing jeung pamajikan téh lain rejeki halal, tapi beunang meres tina kasedih batur,” Lebé Oyo gegerendengan. Tapi kétang, ceuk gerendengna deui, can tangtu ditarima éta rejeki téh lamun hirupna sarwa cukup mah. Ieu mah apan ukur keur numbuan hirup ti poé ka poé.
“Aing ogé salah deuih, naha élmu ngurebkeun mayit henteu diturunkeun ka batur. Padahal apan loba nu hayangeun. Kumaha lamun anu maot téh aing sorangan, saha nu rek ngurusna?”
Lebé Oyo cengkat. Koréléng ka pipir. Panonna nyérangkeun ka landeuh. Katémbong kénéh rentulna batu sapanjang walungan. Jalan satapak pungkal-péngkol meulah pasawahan.
Isukna, Lebé Oyo katémbong aduregeng manggulan batu ti walungan. Mani bangun ripuheun naker. Batu téh dikumpulkeun di buruan, terus diketrékan dijieun tutunggul. Aya ogé nu dijieun tatapakan, coét, lulumpang, jeung barang-barang tina batu séjénna.
Basa hiji poé Pa Érté ngaliwat, ku Lebé Oyo digeroan.
“Érté, béjakeun ka urang lembur, kuring mah geus moal ngurus deui mayit. Ngan bisi isuk pageto kuring maot, omat panguruskeun ku saréréa!” pokna. Pa Érté tibang kerung. Tapi terus unggeuk bari ngaléos.
Meunang sababaraha poé mah, ti lebah imah Lebé Oyo sok kadéngé sora nu ngetrékan batu. Beurang peuting taya eureunna. Ngan poé tadi, éta sora téh geus henteu kadéngé deui. Malah terus jempling nepi ka poé isukna.


Sumber: http://daluang.com/

No comments:

Post a Comment